KEARIPAN LOKAL PARAHYANGAN : GUNUNG KAIAN, GAWIR AWIAN, CI NYUSU RUMATAN, PASIR TALUNAN, LEBAK CAIAN, SAMPALAN KEBONAN, WALUNGAN RAWATAN, LEGOK BALONGAN, DARATAN SAWAHAN, SITU PULASARAEUN, LEMBUR URUSEUN, BASISIR JAGAEUN, BUDAYA PASUNDAN JADIKEUN PAMEUNGKEUT PAGEUH KARAHAYUAN

Kamis, 08 Juni 2023

Nyalusur makam Uyut Djagu

Ampir leungiteun lacak makam Buyut Djagu di astana Kebon Eurih blok pojok dusun Nangerang Desa Cinangsi Kacamatan Cisitu Sumedang Jawa Barat.

Sakumaha anu geus dipedar tiheula yen Buyut Jagu asal Limbangan Garut dungkapna ka Nanggerang Darmaraja Sumedang utusan ti Dalem Limbangan Imbanagara nyaosan pamudutna Dalem Sumedanglarang kanggo tugas ng
ajarkeun agama islam sabage ustad muda mangruparombongan anu ditempatkeun di masing masing wilayah Sumedanglarang bagean kidul.

Ngeunaan makam Buyut Djagu aya sababaraha persi , diantarana tutunggulna anu jiga tatapakan batu, tutungul anu tihang batu , tutunggulna anu jiga batu ceper .

Saenyana tiheula kungsi nyekar ka makam BUyut Djagu anu jiga tatapak disagedengeunna aya makam anu tutunggulna batu anu rinti jiga tapak rinyuh perenahna aya di petakan handap beulah kaler , tapi ayeuna teu katimu deui , aya oge anu di petakan luhur anu tetengger batu pipih jeung tetengger batu tihang anu geus potong , didinya katimu makam heubeul tina hatu alam aya sababara makam heubeul  tapi sundek kapanjangna pondok kalebarna heureut, keur dipaluhur alesanna can aya kasimpulan.

Poto iyeu anu tetengger batu pipih.

Minggu, 21 Mei 2023

C A R I T A P A N T U N

Carita 

Jejer
Lalakon anu dicaturkeur ku juru pantun anu haleuangkeun nurutkeun pakem wirahma tur dipirig ku jentrengna pantun.

Pantun

Kacapi gede anu wangunna juga lisung melengkung nu sok dipake mirig haleuang juru pantun.

Juru Pantun

Dalang pantun anu nyaturkeun galur lalakon.

Nyaturkeun

Nyaritakeun lalakon atawa mantun numutkeun pakem wirahma.

Pakem

Aturan nuliskeun pada carita jeung aturan ngahaleuangkeun anu dipirig ku jentrengna kacapi gede pantun.

Mantun 
Ngalalakonkeun pantun ku juru pantun anu di mimitian ku rajah bubuka pantun eusi lalakon jeung rajah panutup pantun.

Rajah 
Pakem bubuka pantun anu eusina amitan ka Nu Maha Agung menta dilancarkeun mantun salamet nu mantun salamet nu nanggap pantun salamet nu lalajo pantun salamet nunulis pantun salamet nu maca pantun , aya rajah bubuka rek ngamimitian mantun jeung rajah panutup geus rengse nyatur pantun.

Rajah bubuka
Pun
Sapun 
Ka Nu Maha Agung
Ka pernabi ka perwali
Ka permalikat
Ka ibu nu ngandun
Ka bapa nu ngayuga
Ka ibu nu teu ngandung
Ka bapa nu teu ngayuga
Ka nini paraji batin
Ka aki paraji batin
Ka guru batin
Ka dulur batin
Nu dulur nu opat 
Kalima pancer
Sareng ka Aki Baju Rambeng
Nu boga lalakon
Nu linggih di pasirkidul
Miwah ka sadaya karuhun
Nu sumare di makam girang
Ka Eyang Perebu Siliwangi
Ka nu sumare di gunung lingga
Eyang Prebu Tajimalela
Batara Tungtang buana
Ka nu linggih di Cikeusi
Ka perebu Surya Ageung
Ka nu linggih di gunung padang
Ka Resi Ajar padang
Ka nu lingih di gunung sakti
Ka Ki Ajar Sakti
Ka nu linggih di pasarean gede
 Perebu Lembu Agung
Ka sumare di Cipeueut
Embah buyut haji
Ratu istri Nawang wulan
Resi Agung Bimaraksa
Ka nu linggih di cicanting
Perebu Gajah Agung
Ka nu sumare di gunung nirmala
Perebu Balung Tunggal
Perebu Mundinglaya di Kusumah
Ka Ratu Galuh
 nu calik di gunung penuh
Ka Eyang Palita Eyang kaca kaca
Nu linggih di cisema
Ka karuhun nu sumare 
Di Nanggerang kidul
Ka Kiyayi ka Aom ka Ibu ka Mataram
Ka nu lenggah di curug emas
Perebu Aji Putih Panungtung
Nu sumare di pajaratan kebon tiwu
Demang Santapura
Kanu linggih di ciwangi 
Embah mandor
Ka Eyang istri eyang pameget
Ni linggih di lemah beureum
Ka nu linggih di gunung puyuh
Pangeran Sugih 
Pangeran Mekah
Ka nu linggih di pasarean gede
Ka Pangeran Satri 
Ratu istri Pucuk Umun
Mugi sing diangken 
Umat kanjeng nabi
Lebet ka sawargana Gusti Allah 

Amit kula seja ngalalakonkeun
Lalakon anu baheula
Nu kungsi aya
Hampura 
bisi aya salah ucap
Bisi lepat nyebat
Bisi aya karuhun
Nu teu kasebut
Nyuhunkeun perbuka 
 salamet dunya aherat.

Eusi carita pantun
Sakumaha numutkeun jejer
Mundinglaya Di Kusuma
Ciung Wanara
Gagak Lumayung
Kanjeng Nabi Adam Babu Hawa
Jeung salian ti eta
Lalalokn pantun 
Nimutkeun sepuh aya saratus

Imeut dicaturkeun ti awal 
Dugi ka ahir teu hade diliwat

Ruruba 
mantun
Susuguh kumplit
Puncak manik 
Congcot sangu pera make endog
Hayam bakakak hayam bubur beureum
Bubur bodas kelepon goreng ulen peuyeum ketan hideung opak wajit cau raja sate maranggi , beuleun lauk emas beureum
Sesepeun 
Roko keretek 
Gudang garem beureum surutu adipati
Roko dun kawung bako tampang banget
Madat zenewer samsu revil jarum coklat upet tambang kahade ulah sabatang kudu saselop meh anu nulis kabagean
Tektek 
Lemareun kanggo karuhun itri pameget
Seureuh beureum apu gmbir laja kapol jambe bako tampang eukeur nyisig
Sadiakeun rorojehna bisi karuhun tos ompong.

Rajah Panutup

Geus punah lalakon 
Nu dilalakonkeun
Geus tamat ieu carita
Hanpura bisi aya nu teu kasebut
Bisi salah nyebut
Bisi tisorodot omon
Ti soledat letan
Neda agung cukup lumur
Neda jembaar panganpura
Cag
Urang teundeun di handeuleum sieum
Urang tunda di hanjuang siang
Paranti nyokot ninggalkeun
Pieun guareun deui

🌹♥️🌹

Sabtu, 20 Mei 2023

Pantun Priangan

Pantun Sumedang
Diwangun ku juru pantun jeung alok dipirig ku dua wadrita  pantun kacapi gede anu jiga lisung jeung kecrek  ,  gawen juru pantun atawa tukang pantun atawa dalang pantun nyeta nyaturkeun lalakon pantun , nyaturna dihaleuangkeun dipirig ku sora pantun anu dipetik ku dalang , demi tugas alok mah ngalokan bari nakol kecrek ngamairan dimana lamun butuh pikeun  ngaramekeun nu ditakol ku alok , supaya teu monoton.

Dina nanggap pantun lengkep rurubana atawa susuguhna atawa pupulurna sab loba deui karuhun anu disambat diujubanna oge , anu utama congcot sangu pera bakakak hayam jago cobek luk emas beureum oge kudu aya keur tuangeun anu nulis ,cikopi pait cikopi amis duwegan kalapa hejo, bubur beureum bubur bodas roko keretek cap upet tanbang jarcok samu repil  surutu jeung tek tek wawangina minyak lambe jeung nyeungeut menyan  jeung madat jgelun dina dina parukuyan mulek , tah ieu kaasup anu utama nu kasebut dina  dina rajah pantun " bul kukus mendung ka manggung ka manggung ka sang rumuhun ka batara ka batari kasadaya karuhun nu wajib di rahmat di kembang , amit kula bade mantun nya mantun carita karuhun, palias neres narutus palian narajang alas , menta lancar dina nyatur , salamet anu nyatur salamet nu dicaturkeun , salame nu nanggap pantun salamet nu lalajo pantun, salamet sarereya.

Lalakon pantun
Mundinglaya di kusumah
Kanjeng Nabi Adam Babu hawa
Ciung Wanara
Gagak Lumayung
Jeung rea rea deui
Poho deui
Nanggap pantun
Di nu kariaan
Di nu kawinan
Di nu ngaruat budak nunggal
Di ngaruat lembur.
Mantun
Sapeuting jeput teu meunang disinget
Kudu dipapay dilalakonkeun
Di kawit dugi ka ahir
Komo lamun di nu ngaruat mah 
Teu meunang balik memeh anggeus
Sok dipegat sanekala
Kudu tepi ka parat lalakon
Tapi tengah peuting mah 
Sok eureun heula 
Juru pantun tuang leueut heula
Nyesep heula
Nu lalajo mah ngarenah 
Udud ngepluk
Bari barang dahar 
Orokaya tukang pantun 
Jeung alok mah
Jongjon ngalalakon


Geus beres reureuh lalakon
Dipaju deui tepi k tamat 
Kadang lalakon anu panjang mah
Sok tepi ka bray beurang malah tepi ka moyan.
Iyeu caritanu dicaritakeun ku
Juru pantun baheula keur ngora
Sok rajeun ngadengekeun carita
Pantun Alm. Aki Ca'i urang 
Pasirmuncang Situraja
Ampir lima puluh taun katukang.

Tilemna pantun
Bisa jadi ku alatan
Juru pantun tilar dunya
Teu aya deui nu nanggap pantun

Muga pantun ditaranggap deui
Supaya seni pantun sunda teu sirna.

Saestuna seni pantun teh carita anu dihaleuangkeun dipirig ku dua waditra pantun jeung kecrek di caturkeun ku juru 
Pantun diwuwuh ku juru alok.
Mun aya katerangan nu kaliwat mah sugan ke rineh diasel deui
Ayeuna mah rek udud heula nya
Sakitu nu kapihatur
Nyanggakeun sabrang salayan
Lebet ka cabe henteu
Sakitu urang tunda heula sugan ke 
kasampeur deui.🌹


Hampura bisi aya nu salah nyaritakeun atawa sah ngetik.








Senin, 14 November 2022

JALAN KA GUNUNG LINGGA

Jalan ka makam karamat Prebu Tungtang Buana alias Perebu Tajimalela di Gunung Lingga Kabupaten Sumedang Jawa Barat Indonesia .

Mangrupa tangga tangga  cukup naek di tengah tengah rajegna tatangkalan sisieun jalan, hawa tiis seger awak kaiuhan ku kalangkang daun daun tangkal , terus nanjak .

Samemeh tepi ka makam bakal papanggih jeung saung saung tina awi diburuanna pinuh ku amparan lukut tepi ka anjog ka wilayah makam anu dipager kawat eram anu molongo.

Sabtu, 05 November 2022

Tanda Alam

Matahari terbit di sebelah selatan gunung Ciremai tanda musim hujan , jija kupu kupu kuning telah kembali dari selatan ( laut kidul ) tanda musim mengolah tanah pada sawah cengkar ( tadah hujan ) telah tiba , menurut ceritera orang tua bahwa kupu kupu kuning tersebut berasal dari kaler ( pantura ) berwarna putih, kemudian terbang hingga laut kidul pantai selatan dan dicelep ( b.sunda ) mengubah diri menjadi kuning setelahnya terbang kembali ke wilayah asalnya ke utara.

Sabtu, 17 September 2022

Sangkuriang ngalalana

Sangkuriang katohyan ngabohong anu majahkeun nu dibeuleum teh ati uncal padahal anu saenyana eta ati Si Tumang anu ngahaja ditumbak ku Sangkuriang diala atina demi nyumponan pamunfut nu jadi indung.
Laju Dayang Sumbi kacida werana ka nu jadi anak bakating ku kuciwana teu bisa nahan amarahna , Sangkuriang embun embunanna dicocog ku taropong tepi ka baloboran getih , laju Sangkuriang nu madih keneh budak leutik waktu harita diusir ku Dayang Sumbi.

Budak inditna cepet ngetan turun gunung unggah gunung nete akar ngeumbing jangkar ngambah sagara, engkena sanggeus mangtaun taun datang deui kaeta tempat panginditan waktu di usir ku indungna dina kaayaan duanana geus pada poho.

Di luhur disebutkeun budak teh inditna cepet ngetan datang deui ti beulah kulon, hartina dina lalakon Sangkuriang ngalalana geus ngurilingan dunya.

Rabu, 14 September 2022

Nyi Larasati


Numutkeun dongeng kolot dicaritakeun yen Dayang Sumbi keur leutikna disebut Nyi Larasati ramana Ratu Galuh nu sumare di Panyusuhan ibuna putri geulis nu sumare di gunung simpay .

Demi Nyi Larasati digedekeun di gunung putri  , sanggeus rada gede parawan leutik Nyi Larasati menta tepung jeung ramana , ku ibuna dianteurkeun ti gunung putri tepi ka gunung surian meuntas walungan cimanuk meuntas dipangrakitan terus mapay jalan ka kalerkeun tepi ka gunung surian , ti dinya Nyi Larasati diecagkeun tina tonggongna.

Ibuna nyaur Nyai anaking ibu ngan serek die jajap jung geura meuntas walungan Cimanuk engke bakal dipeuntaskeun ku Buahaya putih , " papay jalan anu lempeng"  di di ditu bakal tepung jeung kang rama bapa hidep,anjog ka hiji tempat anu disebut panyusuhan panyusulan ingkang rama raja galuh dina eta fongeng disebut Raja Cipaku.

Wasiat ibu na Nyi Larasati " papay jalan anu lempeng " ieu kalimah wasiat anu ngandung harti jero.
Sakitu heula tereh  waktu dur lohor.

Gunung Padang Cikarag


Gunung padag cikarag tempat sumarena Resi Ajar Padang ratu galuh boga sabaraha ngaran diantarana disebut gunung buligir disebut buligir lantaran can hirup tatangkalan, disebut gunung gedong kosong lantaran eta gunung batu diherona kosong lamun pareng kawenehan leumpang ditengah luhur gunung sok karara saperti nincak tempat anu kosong, disebut oge gunung sakti lantaran eta gunung tempat tapana Ki Ajar Sakti , samemehna eta gunung disebut Hunung Cipu tempat tatapana Guru Minda Lutung Kasarung , mangrupakeun lawang ka ruhur , lutung kasarung kungsi pulang anting nepungan Sunan ibu di ruhur, tepi ka ayeuna ku nu ayeuna eta gunung fisebut gunung padang aya sababaraha makam nu aya di ruhur gunung padang sajaba ti makam Ki Ajar Padang ratu galu ahli munajat anu ngaraketkeun diri ka Gusti , di gunung padang oge aya lawang mangruoa liang di pongpok kaler kidul , nu kawenehan sok ngadenge ngagerutna sora lawang dibuka atawa ditutup , beh ditu mah sok disebut sora parag matak deukeut eta gunung aya lebak ciparag ayeuna ciparag anu engkena ngamuhara ka cibayawak.

Senin, 12 September 2022

Pecahan batu

Batu pecah yang sering ditemukan di lokasi tukang batu memecahkan batu tidak sengaja tukang batu membuat pecahan iecil ramping dan tajam setajam alat kerat seperti pisau dapur tetapi pecahan batu akan terbentuk dengan sendirinya dan ukuran pecahan batu tajam bervariasi , namun yang dibahas di sini adalah pecahan batu yang tajamnya menyerupai benda rajam yang bisa dipergunakan untuk mengerat semisal oelepah daun pisang atau mungkin mengerat pohon pisang, dll , seperti tampak pada gb di atas ini adalah salah satunya dari pecahan batu yang tidak disengaja dibentuk tetapi terbentuk dengan sendirinya ketika tukang batu memukulkan martilnya ke permikaan batu yang akan dipecahkannya atau ditarok b sunda.

Cibudah lemburna Ibu Dayang Sumbi


Cibudah di kawasan bendungan jatigede numutkeun versi carita Sangkuriang Kabeurangan nalika Dayang Sumbi ngagodog ati uncal dina pariuk caina ngabudah tepi ka mudal , nya tepi ka kuwari eta tempat disebut Cibudah.

Sangkuriang belaan ngabohong ka ibuna nyebutkeun ati uncal padahal nu sabenerna eta ati Si Tumang bakating ku tumut ka nu janten ibu anu mundut ati uncal ka putrana.

Teu jauh ti Cibudah aya hiji tempat anu disebut Ranggon , aru ranggon tegesna saung jungkung luhur kolong , paranti Dayang Sumbi ninun boeh rarang tepi ka sagede gulungan kasur anu engkena didingdingkeun ti gunung surian tepi ka gunung jagat dijieun kingkilaban palsu pikeun nyalametkeun diri ngabolaykeun oleng panganten di talaga sipatahunan.

Di cibudah mangrupakeun padumukan ibu Dayang Sumbi jeung tempat patilasan makam ibu Dayang Sumbi jeung patilasan makam bapa Si Tumang, ngan kadua patilasan eta teu pati populer di kalangan masrakat di dinya jeung sakitarna , kajaba saeutik anu weruh kana eta kadua patilasan , padahal carita Sangkuriang Kabeurangan kacida populerna di kalangan masrakat tatar sunda.

Tempat sejen anu ngadukung kana tempat padumukan Dayang Sumbi jeung tempat jinun nieh rarang, oge aya gunung simpay tempat dibabarkeunna Dayang Sumbi Nyi Larasati , Ciputri tempat digedekeunna Dayang Sumbi , Gunung Sunda kuloneun Cieanca tempa Sangkuriang latihan moro jeung mentang panah ngalempag tumbak kabuyutan, anu dikatih ku aki panumbak guruna Sangkuriang.

Tulisan di luhur ieu numutkeun carita Sangkuriang kabeurangan versi walungan Cimanuk di wewengkon Darmaraja Sumedang.

M e r d e k a Republik Indonesia 77

pramukamerah putihDirgahayu Republik Indonesiapeoplechildren

Jumat, 29 Juli 2022

Pawey Obor

Pawey obor sebagai tradisi menyambut 1 Muharam tahun baru islam ditampilkan oleh muslim di berbagai pelosok , tampak dalam gambar di atas muslim Mangun velage cianjur west java sedang melakukan pawey obor pada jum'at malam, mereka menyusuri jalan utama di desanya dengan hidmat.

Sabtu, 16 Juli 2022

Sado Cianjur

Sado disebut pula keretek atau delman adalah kereta kuda kendaraan buhun yang beroda dua diarik oleh seekor kuda keretek masih exsis di beberapa kota di jawa barat dan sado ini ditemui di puseur kota cianjur jawa barat ketika mengantar cucu jalan jalan pasosore di sana ditengah balawiri kendaraan roda dua roda empat sado kendaraan leluhur masih tetap bertahan hanyasaja roda dua nya tidak asli lagi karena sudah diganti dengan ban mobil kecil dan ban motor, seperti yang terlihat dalam gambar di atas.

Sado adalah kendaraan tertua peninggalan leluhur sebelum ditemukan kendaran beroto sado sudah lahir lebih dahulu bukti kendarran tersebut tertua adalah teryuang dalam ceritera pewayangan yang menyataka, terdpt pula dalam lukisan lukisan tuan bahwa salasorangraja dalam pewayangan menggunakan kendaraan beroda yang ditarik dengan kuda , baik kendaraan tunggangan biasa maupun kendaraan tunggangan dalm perang sebagai pemanah jitu juga menggunakan kendaraan tua ini terdapat pula dalam lukisan lukisan tua , pahatan dinding candi dan bangunan tua peninggalan masa lampau yang unurnya ribuan tahun sebelum masehi.

Siti Fatima

Sakabeh incu sok diwaris ngaran boh incu pituin pon kitu deui incu ti gigir ari incu ti gigir incuna dulur boh adi boh lanceuk , demi warisan ngaran eta ata anu nelah aya anu henteu, keun we da teu maksa kudu nelah da lain ngaran ditulis akta kelahiran da anu eta mah ngaran ti indung bapana , ngaran warisan incu teh anu nelah mah  Ayu  ( Laksmi Ayu ), Aji  ( Aji Sagara ) incu teges , Azis ( Moch Azis ) Moch Arta, Moch Arna incu ti gigir Arya , Siti Mutiaroh incu ti gigir Nami incu ti gigir Fahmi incu tigigir Syamsu Cakrawala Nugraha mah hese neangan sesebutanna teu nelah tepi ka ayeuna ,Juanda Budi Sasmita incu teges hese neangan sesebutanna Enuy teu nelah jigana nu ieu oge bakal hese neangan nenehna atawa sebutanna.

Perahu Cimanuk

Ini perahu cimanuk yang ditemukan terakhir ketika bendungan baru beberapa hari digenang, di leuwi pamarahuan sebelah timur sadang landeuh, seorang anak sedang mencoba menaiki perahu berbentuk bargas yang terdampar di tepian sungai , masih dipergunakan oranh untuk menyebrang ke jemah oada saat itu belum tergenang namun penduduk mulai pindah. 

Bentuk perahu bargas ini sesuai dengan bentuk pasir tangkuban parahu yang bersanding dengan kampung sadang landeuh , yang nangkub tengkurep bagian burit  bersanding sadang landeuh sedangkan bagian depan bersaning hampir dekat di pinggiran Cimanuk , jika dilihat dari blok sawah itro , maka diperoleh penampakkan perahu yang lebih terang seperti halnya oerahu cimanuk yang terdapat ditepian sungai seperti dalam gambar di atas.Adapun letak pasir tangkuban parahu persi sasakala sangkuriang kabeurangan cimanuk bersanding dengan sadang landeuh hanta sekitaran tiga metran yang dibatasi dengan lorong alami yang tidak bis dirubah atau didirikan untuk bangunan apapun seperti ada mistisnya , kadang suka ada angin jencang meniup melalui lorong tersebut, ketika saya kesanapun disambut dengan hembusan angin kencang pada lorong mistis pemisah kampung sadang landeuh dengan pasir tangkuban parahu, menurut nara sumber yang mengantar kami bahwa tanda baik dibageakeun kami diterima baik.

Perahu cimanuk yang kami temukan di pinggiran sungai cimanuk tinggal kenangan , yang menaiki perahu di di atas adalah Ilham murid sd kelas lima oada tahun 2015 , dan yang naik perahu di bawah adalah saya, kami saling momoto dan hasilnya seperti yang tampak di atas, semoga suatu waktu Ilham membaca tulisan ini, entah kapan , mungkin sekarang anak ini sudah dewasa, semoga sehat selalu, kami tak pernah berjumpa lagi hingga tulisan ini diposting.

Selasa, 12 Juli 2022

Ulah milampah nu matak kaduhung

Saur sepuh  ulah moro julang ngaleupaskeun peusing , neangan anu can karuhan kapimilik hanas anu geus puguh kacerek dileupaskeun , anu diandekeun kana peusing , ngudag ngudag anu acan karuhan kacerek, anu diandekeun kana julang anu hiber diawang awang anu can karuhan beunang, ulah neangan anu can puguh.Anu ngabalukarkeun kaduhung diahir , kolot geus ngawanti wanti ku peuprujeuh anu ditulis di luhur " ulah moro julang ngaleupaskeun peusing " hanas peusing ani geus puguh dikuringan ku ranggap dileupaskeun hanas julang anu di awang awang teu beunang, atuh ouguh we matak kaduhung, kaduhung ngaleupaskeun oeusing , kaduhung moro julang nu hiber di awang awang teu beunang.

Sabtu, 25 Juni 2022

Ulin budak

Rupa rupa kaulinan barudak nu keur meujeuhna beuki ulin , kaulinan barudak mangrupakeun pergaulan di antara babaturan ulin barudak , pikeun ngaleungitkeun kajenuhan sanggeus migawe kagiatan rutin maranehannana , balik sakola upamana, marenahna butuh waktu keur refresing arulin jeung batur baturna , ulinna mah naon we kumaha maranehna, loba kaulinan barudak boh di kampung tawa di kota oge, tangtu beda corak di unggal tempat oge, ngan lamun nengetan kaulinan barudak ayeuna tangtu bakal beda jeung kaulinan barudak jaman nini akina beh ditina jaman buyutna, naon sabab beda , kulantaran kamajuan jaman kamajuan budaya jeung teknologi, keun we teu kudu hariwang ku kamajuan jaman jeung teknologi da memang kudu aya kamajuan ulah monoton, lamun samemehna barudak garuyang di wahangan , pan ayeuna mah wahanganna oge caina geus robah kotor loba palasik , ,lamun barudak bareto sok ngala sayang manuk piit dina tangkal jambe , apan tangkal jambena  beak dipake panjatan maen rebutan lamun bareto ulin budak gatrik atawa maen panggal, prisprisan geus teu usum ayeuna mah eta mh jadul ,tapi sanajan kagolongkeun jadul di sawatara mah masih katimu keneh keun we da alat kaulinan oge bogaeun jaman bogaeun masa, teu kudu sarua, tapi aya kaulinan anu maneuh diantarana huhujanan dina mimiti usum hujan, susumputan , ucing ucingan , ucing sumput, soal barudak ulin da memang ulin mah dunyana barudak keun teu kudu dicaram , kudu soteh ditalingakeun ( controling ), oge kudu aya panenget ( evaluating ) anu matak ngakibatkeun teu hade mah caram we, saperti huhujanan papanasan anu kamalinaan anu ngakibatkeun budak hareeng , eta mah kudu dicaram, bisi budak ulin kamalinaan, poho solat , poho ngaji ,oge perlu dicaram,  ulin budak kudu dibere ruang bere kasempetan bari jeung tetep kudu meunang panalinga ti kolot, tapi ulah dicaram ulin ulah sagala ulah , karunya ka budak moal bisa menikmati masa kanak2 anu moal balik deui , anu antukna dok aya basa masa kecil kurang bahagia😁

Jumat, 24 Juni 2022

Kembang wisudaan

Alhamdulillahirobbil'alamin bisa ngaluuhan Wisuda si bungsu di ledeng sanggeus dua taun wisuda onlen taun ieu kajara deui bisa dibuka deui wisuda di kampus Syukron Ya Rabb 🌹

Kamis, 23 Juni 2022

Pangaruh kamekaran basa sunda

Kamekaran basa sunda kapangaruhan ku sababara hal, diantarana ku pangaruh zaman , ku pangaruh penjajah, ku pangaruh agama, ku pangaruh tehnolohi
jeung pangaruh elmu pangaweruh jeung pngaruh budaya, kabehnana mangaruhan kana kamekaran basa sunda kabeungharan kecap basa sunda anu dipungut jadi basa sunda, loba istilah istilah tina basa asing anu dipake ku basa sunda, asupna istilah istilah atawa kecap bahasa asing kana basa sunda , bisa kulantaran dina basa sunda teu katimu kecap anu bisa mere harti anu sarua , jeung kulantaran era istilah asing teu oerlu diganti ku basa sunda, anu ngalibatkeun basa sunda tambah beunghar ku kecap kecap atawa istilah istilah.

Isola Bumi Siliwangi

Isola Bumi Siliwangi Bandung Ledeng West Java Indonesia

Rabu, 22 Juni 2022

Chiby menghadiri wisuda Bibi di isola

Chiby menghadirk wisuda Si Bibi di isola turut hadir pula kake amih uwa , kelak Chiby kuliah pula di sini,kakeknangis haru juga uwa dan amih, Chiby datang dari Cianjur berangkat pagi bersama Amih dan Sopir pa asep, kami hanya bertiga, tapi pulangnya berempat bersama kake ikut pulang ke cianjur, sedangkan Bibi pulang ke sumedang bersama uwa.

Senin, 20 Juni 2022

Mesin Ketik nu maturan nyuprih elmu di ledeng

Mesin Ketik

Nu marengan nyuprih elmu di ledeng asup agustus taun 1978 mesin ketik ieu anu marengan geus boga ti samemehna ngan lain anu ieu merek silver meunang meuli ti toko niw sumedang, anu tiheula nah nerek rital meunang meuli ti jalan baraga bandung, dipake migawe tugas ti pagawean jeung tugas kuliah di ledeng , kuliah bari digawe, malh anyar keneh kungsi meuli pita daito ti onlen da neuli ti toko biasa mah jigana geus jarang anu ngajual pira mesin ketik , ari bgetik teh teu ku sapuluh jari sok dipacojan we juga hayam macokan , tapi bisa ngetik gancang sanajan dipacokkan oge, kaitung lila kualiah teh ampir  lima taun satengah, yah beda saeutik jeung lilana sakola dasar , lulus 11 pebruari 1984, tapi teu kaitung tinggaleun da loba babaturan saangkatan anu lulusna waktuna sarua, jaman harita mah ku mesin ketik keneh beda jeung jaman kiwari mesin ketik jarang dipake deui keur migawe urusan kutak ketik, tapi tetep diampihan ieu mesin ketik teh , kenang kenangan , kamari ieu kungsi dicoban ngetik deui nyieun tulisan saoedah tas meuli pita daito anyar,ayeuna geus nincak genep puluh tujuh taun, kahayang mah meein ketik ieu kapake ju anak incu, nya sakurangbkueangna maranehna nyaho kana mesin ketik, sanajan mesin ketik manual geus kadeseh ku mesin jetik jaman kiwari, kangennka ledeng ke pabeubeurang rek disampeur ku si aa arek ka ledeng, usukan 22 juni si bungsu wisuda di ledeng, bari hayang dipoto di Isola.

Dongeng

Tentang dongeng dongeng yang dahulu yang menjadi faporit bagi anak anak pada masa itu selang satu geneasi lebih tua saja belum begitu lama , tetapi sebenarnya dongeng pada masa generasi lebih muda juga dongeng masih ada hanya mungkin tidak sefaporot dulu , baik di dawrah perkotaan, perdedaan, perkampungan, dongeng lisan dan tulisan dari dulu sampai sekarang itu ada, tetapi jaman dulu terpopuler dongeng lisan, penggunaan dongeng tidak hanya dijadikan sebagai pengantar tidur bagi anak anak saja, tetapi dongeng bisa kapan saja diceritakan oleh penutur kepada pendengar , begitu pula isi kandungan dari dongeng ada berbagai informasi , kebiasaan dongeng kebanyakan dianggap imajinatif tetapi sebenarnya tidak semua dongeng imajinatif , tetapi  ada pula dongeng yang  informatif sifatnya.

Buyut Jagu

Buyut Jagu

Luluhur tokoh Agama di kampung Nanggerang , beliau berasal dari Limbangan , datang sebagai ustadz muda yang dikirim dari Limbangan ke Simedanglarang untuk sebagai guru agama di masyarakat Darmaraja , dan kebetulan Buyut Jagu ( tidak diketahui nama aslinya ) ditempatkan di Nanggerang dan menikah dengan putra tokoh masyarakat kampung Nanggerang Sebut saja Buyut Kuncen Sepuh karena beliau adalah Kuncen Jurukunci Makam Jeramat Sirah Cipaku, Buyut Jagu tinggal di Nanggerang kidul dekat dengan Nasjid Jami Al Hidayah sekarang, semasa hidupnya Buyut Jagu sekain sebagai tokoh agama islam yang mengajar agama kepada masyarakat di  Nanggerabg dsk, beliau adalah petani tangguh banyak ngabedah sawah (  mencetak sawah baru  ), juga menjabat sebagai kuncen sirah cipaku melanjutkan Bapak mertuanya, Buyut Jagu pernah membuat masjid di nanggerang kidul , makam Buyut Jagu berada di makam alit kebon eurih popojok nanggerang tengah , dan kondisi makam Buyut Jagu sekarang , sepetti terlihat pada gb di bawah.

Penulis adalah turunan ke 8 merujuk dari naskah Buyut Jagu yang ditulis oleh drs.Wihanta bin Cemen.

Sabtu, 18 Juni 2022

Sanggeus lila teu tepung

inget basa leutik jeneh milu salat idil fitri di masjd kidul ngahaja ti dimedang ngendong di pasiringkit  nu kabayangkeun teh Ade masih sagede harita basa keur leutik keneh , kiwari geus lain budak leutik deui .

Senin, 20 September 2021

Nisan bertulis aksara arab pegon

Motif tutunggul nisan makam tua yang terdapat di wilayah  Sumedang.

Nisan 
Dalam bahasa  disebutkan pula sebagai tutunggul, tetengger dan papaes.

Yang akan dibahas di sini mengenai penyebaran nisan yang bertuliskan akasara arab pegon gundul di wilayah Sumedang yang pernah ditemukan 
yang banyak di wikayah pemakaman Cikiray Darmaraja Sumedang.

Sabtu, 27 Januari 2018

Panyusuhan




Panyusuhan
Tina sempalan hikayat dayang sumbi kacaritakeun dayang sumbi nuju alit nyusul nu janten rama digandong ku ibuna, bagong putih ti gunung putri di lebah cipasang meuntas walungan. ti dinya kebat ngaler anjog di sisi walungan lebah gunung surian. saparantos diecagkeun tina tonggongna,  ibuna nyaur ka dayang sumbi "ema tepi kadieu nganteurna, jung geura meuntas walungan tuluy papay jalan anu lempeng, engke bakal tepung jeung nu jadi bapa," dayang sumbi saparantosna dikantunkeun ku ibuna lajeng meuntas walungan, tidinya mapay jalan anu lempeng cepet ngulon, nya anjog ka panyusuhan, tepang sareng  ramana. (Panyusuhan asal kecap tina Panyusulan).






Sabtu, 21 November 2015

BATU URAT DAUN











BATU URAT DAUN yang ditemukan pada kali aliran arus deras sepanjang perjalanan exfedisi menuju Limbangan Garut, batuan serupa ada beberapa bentuk batuan yang memiliki alur garis yang sama baik pada batuan utuh maupun pada batuan pecah alami karena perbenturan batuan dikala aliran air deras yang mengakibatkan batuan berbenturan sehingga memperoleh pecahan alami yang sangat indah bila diperhatikan, namun sayang masyarakat pada umumnya tidak memperhatikan hal tersebut, sehingga batuan ini dianggap sama dengan batuan kali biasa yang tidak memiliki kehususan.seperti tampak dalam gambar satu, dua, tiga dan lima, coba perhatikan secara saksama, inilah keajaiban alam semesta.